carita teu ecreg

/
0 Comments
Orok Kolot
Lantaran teu boga anak wae, eta buta (raksasa) teh indit ka dunya, rek neangan orok. Eta buta tepung jeung aki-aki anu geus lemong, euweuh huntuan. Lantaran disangka orok keneh, eta aki-aki teh terus dibawa ka imahna. Sabada dimandian jeung diwedakan, ku pamajikanana eta 'orok' teh ditimbang bari dinyanyian: "Nang ning nang ning keung, putra mamah putra papah, ari waos acan jadi ari kan**ut geus buluan !" cenah.
Orok Maot
Aya tukang rucah sahoshoseun rek maot. Manehna wasiat, supaya sakabeh bubuluan anu aya dina awakna dikurud. Maksudna, upama geus maot, sugan jeung sugan bisa tepung jeung widadari, heug disangka orok, terus dibere . . . ASI !
Si Ujang
Sabada kenging ngalawan Daud Jordan, Chris Jhon kakara engeuh, horeng ngangge kolorna tibalik. Kedahna mah aksara "Ujang"-na dipasang palih payun, kanggo masihan wartos ka musuhna yen kangaranan tinju mah pangulah-ulahna neunggeul . . . "Si Ujang" !
 Hari Kartini
Dina mapag Hari Kartini 2011, Musium Rekor Indonesia (MURI) tos netepkeun yen Nyonya Meneer mangrupi wanita pangkiatna sa-Indonesia, margi berdiri sejak 1948 bari teu nagog-nagog !
 Bom Dapur
"Ikoh, gancang tempo ka dapur, bieu kadenge siga aya sora bom !" ceuk Kang Suryana nyarita ka Ceu Ikoh. "Sanes sora bom, namung abdi hitut !" tembal Agus Ulen ngurunyung ti dapur bari siga nu era. "Na aya hitut tarik-tarik teuing ?" ceuk Kang Suryana deui. "Hehehe, kamerekaan, seueur teuing neda ulen sareng . . . karbit !" tembal Agus Ulen bari balaham-belehem.
 
 BY cakakak


You may also like

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.

Anu Ninggal