Suling

/
0 Comments

Suling

Suling (Sunda) nyaƩta salah sahiji waditra tiup urang Sunda nu disadakeun ku cara ditiup. ilaharna dijieun tina awi tamiang. Suling sumebar ampir di sakuliah tatar Sunda umumna di wewengkon priangan. Biasana suling dipakƩ pikeun mirig lalaguan boh tembang boh kawih.
Ukuran suling nangtukeun luhur handapna sora. Upamana, keur lagu-lagu tembang suling nu digunakeun leuwih panjang antara 60-65 cm(sabab leuwih rendah sorana) ti batan suling keur kawih atawa degung 50-59 cm.
Dina pidangan lian, suling ogƩ sok dipakƩ pikeun gending-gending instrumntal kayaning kacapi-suling (Cianjuran) jeung degung klasik.Wangun suling aya dua nya Ʃta suling liang genep jeung suling liang opat (suling degung). Nada suling ilaharna laras pƩntatonis Sunda. Dina kamekaranana suling miboga wangun jeung laras-laras anyar anu dijieun husus pikeun kabutuhan musikal aransemen gending, diantarana suling mandalungan, suling salƩndro liang opat, suling madenda liang opat, suling wisaya. Aya ogƩ suling anu dijieun husus makƩ tangga nada diatonis atawa Cirebonan.
Wangun lian tina suling nya Ʃta bangsing anu boga nada diatonis, ilahar dipakƩ dina kasenian tarling di wewengkon Cirebon jeung Indramayu. Waditra sƩjƩn anu mƩh sarupa wangunna jeung suling sunda diantarana seruling, saluang, suling (Bali). Suling dina klasifikasi alat musik dunya kaasup kana instrumen flute, sub klasifikasi wooden/bamboo flute.

Suling modƩrn (Eropa)

Dina basa Inggris suling tƩh disebut flute. Suling kaasup kana anggota kulawarga alat musik tiup kai (kaasup awi). Sora suling anu cirina lemes sarta bisa dihijikeun alat musik lianna kalawan alus.
Suling modƩrn pikeun para ahli mah umumna dijieun tina pƩrak, emas atawa campuran duanana. Lamun suling pikeun keur nu diajar kƩnƩh mah umumna dijieun tina nikel-pƩrak, atawa logam anu disipuh ku pƩrak.
Suling konsƩr standar ditala (disetƩm) dina nada C jeung boga ambahan nada 3 oktaf ti mimiti middle C. Tapi, dina sababaraha suling pikeun para ahli mah aya konco tambahan sangkan nepi kana nadaB di handap middle C. Ieu ngandung harti yƩn suling tƩh mangrupa salah sahiji alat musik orkƩs anu luhur (tinggi), iwal ''piccolo'' anu leuwih luhur tibatan suling tƩh. Piccolo nyaƩta suling leutik anu ditala saoktaf luhureun suling konsƩr standar. Suling konsƩr modƩrn tƩh boga rƩa pilihanana. Thumb key B-flat (diciptakeun jeung ditaratas ku Bricciadi) standar. B foot joint, tapi suling ieu mah mangrupa pilihan Ʃkstra pikeun modƩl menengah ka luhur jeung profƩsional.
Suling open-holed, ogƩ biasa disebut French Flute (anu dina sababaraha koncina aya liangan ti tengahna, jadi pamaƩn kudu nutupan Ʃta liang ku ramona) umum dina pamaƩn tingkat konsƩr. Tapi sababaraha pamaƩn suling (utamana nu dialajar, ogƩ sababaraha ahli) leuwih milih closed-hole pleteau key. Nu keur dialajar umumna makƩ alat sawatara keur nutupan Ʃta liang nepi ka maranƩhna bisa merenah nempatkeun ramo kalawa pas. Sababaraha urang percaya yƩn konci open-holed mah mampuh ngahasilkeun sora anu leuwih harus jeung leuwih jelas dina nada-nada handap.
Suling konsĆ©r dina mangsa samĆ©mĆ©h Era Klasik (1750) makĆ© Suling Blok sedengekeun dina mangsa samĆ©mĆ©h Ɖra Romantis nu dipakĆ© tĆ©h Suling AlbĆ©rt (Kai hideung liangan dilengkepan ku klĆ©p, jeung ti mangsa Romantis (1820) makĆ© suling Boehm (kai hideung atawa logam anu sakabĆ©hna dilengkepan ku klĆ©p, disebut ogĆ© suling Boehm, sistem Carl Boehm), atawa suling (B. Inggris: flute) wungkul.
Husus pikeun musik keroncong di IndonƩsia dina mangsa Stambul (1880-1920) makƩ suling Albert, jeung dina mangsa keroncong abadi (1920-1960) geus makƩ suling Boehm. DongƩng ngeunaan suling

Suling dina Dongeng Sunda

Dina dongĆ©ng Sunda kacaritakeun lalakon anu nyabit-nyabit suling nyaĆ©ta dongĆ©ng sakadang kuya jeung sakadang monyĆ©t. Ɖta suling tĆ©h dijieunna tina tulang maung anu geus hasil ditipu ku sakadang kuya sangkan daĆ©k asup kana durukan. Tulang sakadang maung tuluy diliangan ku bangbara tuluy di seuseupan ku nyiruan sangkan ngahasilkeun sora anu harus.

Cara MakƩ

Sikep maƩnkeun suling nyaƩta bari diuk (sila), suling perenahna dihareup kalawan nangtung (vƩrtikal). Tilu ramo curuk-jajangkung-jariji (biasana) leungeun kƩnca dipakƩ pikeun nutup-muka tilu liang nu di luhur. Ana pon tilu liang di handapeunana ditutup-buka ku tilu ramo katuhu nyaƩta curuk-jajangkung-jariji. Biwir diantelkeun kana suwer lebah tukang, deukeut ceuceut careuh tuluy ditiup sangkan ngahasilkeun sora.

Titi Laras

Suling liang 6

Degung Madenda SalƩndro

Suling liang 4

Degung

 



You may also like

Tidak ada komentar:

Diberdayakan oleh Blogger.

Anu Ninggal