#Nété tarajé nincak hambalan#

Tuak-taék tétérékél nincak hambalan. Salah tincak jol tigubrag. Tigurag gé moal kaluhur. Asa kérék kamari ragrag. Ayeuna kudu tigubrag. Hiji dua tilu opat. Lima genep tujuh dalapan. Salapan sapuluh sabélas nepi ka opat bélasna. Sugan baé nyeuri nu ayeuna bisa ngaganti kenténg nu kamari belah.
Da nété tarajé mah nincak hambalan.









#Bébéndé gombal#

kang pami geulisna enéng diibaratkeun naon??.Ibarat bulan nu moncorong caang opat bélas neng??. Ah alim siga bulan mah?, na kunaon kitu ?, da korodok bulan mah ai akang .. nu sanés atuh kang!. Mmmm.. siga kembang eros atuh!. Alim ogé ah.. kembang eros mah geulis ogé da cucukan!. ai enéng hoyong diibaratkeun naon atuh?, Enéng mah hoyong diibaratkeun kembang Raplesia Arnoldi!. Naha? kan bau kembang éta mah?. Najan bau gé kang seueur nu ngangandrung!. Hahaha si enéng aya-aya waé.

Dua hal terindah dari dan untuk sahabat 
 Oleh : sholeh muhammad
 

Maaf
dan
Terima kasih...

Diberdayakan oleh Blogger.

Anu Ninggal